ThatQuiz Test Library Take this test now
PAT_B.SUNDA_X_2024
Contributed by: PIB
  • 1. Tarjamahan tina kalimah "saya merasa bangga menjadi orang Sunda." anu merenah, nyaeta ...
A) Kuring ngarasa reureus jadi urang Sunda
B) Kuring ngarasa agul jadi urang Sunda
C) Kuring ngarasa bangga jadi urang Sunda
D) Kuring ngarasa ngeunah jadi urang Sunda
E) Kuring ngarasa sugema jadi urang Sunda
  • 2. Kecap-kecap basa Sunda anu hese ditarjamahkeun kana basa Indonesia nyaeta kecap...
A) pangantet
B) parentah
C) panganter
D) panyambung
E) sulur
  • 3. Paribasa nu mangrupa tarjamahan tina basa Indonesia nyaeta...
A) waktu sarua jeng duit
B) wong becik ketitik wong ala ketara
C) Aya hurang handapeun batu
D) Adam lali tapel
E) Gindi pikir belang bayah
  • 4. Paribasa Indonesia "Biar lambat asal selamat" hartina mirip jeung paribasa Sunda ...
A) Kaduhung tara tiheula
B) Kajen panas tonggong asal tiis beuteung
C) ulah gancang pancang
D) jauh-jauh panjang gagang
E) Kajen kendor asal ngagembol
  • 5. ieu dihandap heunteu kaasup kana carpon nu mangrupa tarjamahan tina basa Inggris nyaeta...
A) " Carpon "pependeman Nabi Sulaeman"
B) "Carpon "Ucing Hideung"
C) "Carpon"keteg jajantung"
D) "Carpon "Haji Murod"
E) "Carpon "Ngulampreng"
  • 6. Lamun rek narjamahkeun urang merlukeun kamus nyaeta kamus...
A) dwibasa
B) ekabasa
C) ensiklopedia
D) asing
E) istilah
  • 7. Ieu di handap kamampuh basa nu kudu kacangking mun urang rek narjamahkeun iwal kamampuh...
A) fonologis
B) gramatikal
C) semantik
D) pragmatik
E) sosiolinguistik
  • 8. Ieu di handap urang asing anu henteu nyusun kamus basa Sunda nyaeta...
A) H. J. Oosting
B) S. Coolsma
C) Jonathan Rigg
D) R. H. Robins
E) A Geerdink
  • 9. anu teu kaasup kan kecap-kecap basa Sunda serepan tina basa Arab nyaeta ...
A) iman
B) abdi
C) takwa
D) ahlak
E) agama
  • 10. Unsur serepan anu acan sagemblengna kaserep kana basa Sunda ditulisna ....
A) digurathandapan
B) biasa
C) dicondongkeun
D) dikandeulkeun
E) dikekentengan
  • 11. Aya carita "Nyi Roro Kidul" sumebar di masarakat. Carita saperti kitu kaasup kana dongeng...
A) parabel
B) babad
C) Mite
D) legenda
E) sage
  • 12. Ieu di handap anu henteu kaasup kana ciri-ciri dongeng nyaeta ...
A) sumebarna tatalepa sacara lisan
B) ngandung unsur-unsur pamohalan
C) sakabeh eusina bohong
D) teu jelas nungarangna (anonim)
E) awalna kagolong kana sastra lisan
  • 13. unsur-unsur carita dina dongeng sarua jeng unsur-unsur dina prosa fiksi sejena. Ieu dihandap anu teu kaasup kana unsur-unsur carita nyaeta...
A) latar
B) purwakanti
C) palaku
D) tema
E) galur
  • 14. carita anu wangunna pondok dina basa lancaran anu eusina ngandung unsur-unsur pamohalan disebutna...
A) sketsa
B) fiksi mini
C) Dongeng
D) biografi
E) carpon
  • 15. Dina dongeng "Sangkuriang" aya unsur pamohalan, di antarana wae, nyaeta ...
A) Raja kahampangan dina balokeng
B) Sangkuriang nyieun parahu
C) Sangkuriang saenyana anak raja
D) Dayang Sumbi boga anak sangkuriang
E) Dayang Sumbi kawin jeng Si Tumang
  • 16. Dina dongeng Si Kabayan tokong anu langka dicaritakeun the nyaeta...
A) Sobatna
B) Mitohana
C) Dulur Si Iteung
D) Si Iteung
E) Budakna Si Kabayan
  • 17. Ieu di handap anu kaasup kana kalimah panghareupan nyaeta...
A) sigana mah ulah indit ayeuna, bisi macet!
B) Tiasa nyungkeun cai!
C) hayu urang rencanakeun we nu leuwih asak!
D) muga-muga wae rencana urang bisa laksana!
E) jung bae ti heula, kuring mah aya perlu heula!
  • 18. Punten Wan pangnyandakeun buku basa Sunda dina kantong! nilik kana guna na eta kalimah teh kaasup kan kalimah...
A) Panitah
B) Pangjurung
C) Pangwawadi
D) Pamenta
E) Panyarek
  • 19. Ieu di handap mangrupa kecap-kecap anu ilaharna dipake dina kalimah parentah iwal...
A) Wah
B) cing
C) punten
D) mangga
E) hayu
  • 20. Ieu di handap omongan anu henteu kaasup kana kalimah parentah nyaeta...
A) cing pangmwakeun ember ka dieu!
B) Antosan sakedap, nya!
C) Ulah ulin di jalan bisi katabrak!
D) mangga ka lebet!
E) Teu kenging calik di dinya!
  • 21. hal-hal atawa aktivitas anu dipilampah ku urang dina hiji waktu di tempat nu tangtu disebutna...
A) Kajadian
B) Kagiatan
C) Peristiwa
D) Diajar
E) Pangalaman
  • 22. Kagiatan nu dilaksanakeun ku alpukahna sakola tapi diluareun kagiatan diajar nu formal disebutna kagiatan...
A) non formal
B) ekstrakulikuler
C) in formal
D) kurikuler
E) formal
  • 23. Kagiatan dipilampah ku ngayakeun indit-inditan ti imah ka tempat tujuan tur dilaporkeun hasilna dina wangun tulisan saperti dina koran atawa majalah disebutna...
A) wawancara
B) panalungkitan
C) lalampahan
D) touring
E) neangan warta
  • 24. Ieu di handap anu enteu kaasup kana gunana kagiatan kemah pramuka keur para siswa nyaeta...
A) jadi seukeut mikir (pinter)
B) jadi tohaga fisiknanga
C) latih kalemesan budi
D) bisa nembongkeun kapribadian jeung kalemesan budi
E) nambahan kagiatan ekstrakulikuler
  • 25. ieu di handap anu henteu kaasup kana rengrengan utama panitia calagara myaeta...
A) girang serat
B) nggota
C) pupuhu
D) panata harta
E) wakil pupuhu
  • 26. laporan jurnalistik mah ilaharna ditulis ku...
A) panalungkit
B) wartawan
C) penyiar
D) siswa
E) guru
  • 27. ieu di handap kasup kana kecap rajekan dwipurwa nyaeta...
A) kakara
B) tatajong
C) pipiti
D) dadahut
E) cacakan
  • 28. kecap rajekan dwireka nudibarengan ku rarangken nyaeta...
A) dialung-alungkeun
B) dibulak-balik
C) kadupak-dupak
D) plak-plik-pluk
E) bubuahan
  • 29. ieu di handap kalimah anu ngandung kecap rajekan dwimurni nyaeta...
A) Barudak kelas X keur dialajar tetembangan.
B) Di aula sakola guru-guru keur karumpul.
C) Pasosore dina bulan puasa sokrea nu ngabuburit.
D) Di Bendungan Jatiluhur urang bisa paparahuan.
E) Para siswa keur dialajar basa Sunda.
  • 30. Jatmika teh sababarah kali jadi pinunjul kelas. Dina kalimah di luhur aya kecap rajekan anu wandana ...
A) dwimadya
B) trilingga
C) dwireka
D) dwimurni
E) dwipurwa
Students who took this test also took :

Created with That Quiz — a math test site for students of all grade levels.